Rabu, 30 Juli 2014

CIANJUR KAPUNGKUR

Share it Please



Cianjur jaman kapungkur masih leuweung geledegan, ayana di suku Gunung Gede anu nande, Gunung Pangrango ngadago, pangeusina wama-wama sato galak, monyet pating terekel lutung, pating gulayun » meong maung tinggalaur, badak oge riab.

Kacarioskeun, duka leres duka henteu mung sapedah ay a tapakna, kitu oge pacenah-cenah keneh tug dugi kaayeuna pisan, ay a badak kulitna bodas, mun munding mah bule di jalmi mi-nangka  albino, da biasana mah tara aya badak bodas kultna.
Pemahna di juru alun-alun Cianjur kiwari aya cai nyangkrung, cenah eta teh "pangguyangan badak putih.

Kacarioskeun deui dina munggaran abad ka— 17 darongkap ka sisi waJungan Cianjur saabrulan cacah, dokdak naluaran ka-kayon, cita-citana ngebon nyawah keur pibekeleun hlrup hurip, sakalian ngababakan; lami-lami j an ten lembur anu katelah Cianjur nami numutkeun walungan. Cakal bakal urang lembur Cianjur ngangken cacah Wira Tanu, asal ti nagri Cikundul sateuacanna mah ti nagri Sagaraherang panglinggihan ulama ageung terah ka-7 ti raja Pajajaran anu mung kantun wawangina bae sumebar di rahayat Pasundan.

Cianjur kapungkur teu acan kawentar, ti pandeuri batan Galuh sareng Sumedang, sanaos pada-pada di Parahiangan, kumargi nyingkur buni sapengkereun gunung di titik tengah pisan ayana di Tatar Sunda, tebih ti mana-mana, pemahna henteu caket walungan anu sok dianggo lalayaran, Cianjur langka kadongkapan batur, nembe manggung dina sajarah nalika nincak jaman emas, dipayungan ku wadyabala jagabaya anu leber wawanen, wani nyekel sabuk milang tatu, tanggung jawab mun aya maung ngamuk gajah meta.

Teundeun di handeuleum sieum ,
Tunda di hanjuang siang ,
Paranti nyokot ninggalkeun..............................


1 komentar:

Followers

Follow The Author