Rabu, 30 Juli 2014

JAMAN PAJAJARAN 1

Share it Please
Etang-etang kanggo pangjajap sareng panaratas jalan, upami tuang man minangka mumulukna, ieu naskah urang kawitan ku jaman Pajajaraji. nuju jaya, wanci Silih Wangi jadi narpati, rea ketan rea keton, repeh rapih gemah ripah loh jinawi, da bongan aya pakaitna sareng eusina naskah.

Urang ngawitan ti Galuh ngadeg ratu, kitu oge katomper-nakeun, 4/5-na jaman Galuh bade dikmcatan bae supados nas­kah henteu hambar ngayayay.

Kacarioskeun, anu janten ratu di nagara Galuh (caket Ka-wali di kabupaten Ciamis kiwari) jenenganana teh Prabu Wangi alias Niskala Wastu .Kancana C + 1357 - 1461). Dina Carita Parahyangan, ^ kenging nyusun 'Dis. Aca, lambaran ka—21 kaunggel ;
" Aya naseuweu Prabu, Wangi ngarana, inyana Prabu Niskala Wastu Kancana, nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma, lawas niya rati: saratus opat taun, kena rampes na agama, kertajaga "
(Aya deui anak Prabu, Wangi ngaranna, nya eta Prabu Niskala Wastu Kancana, nu pupus di Nusalarang di Gu-nung Wanakusuma, lamina jadi ratu seratus opat taun, ku lantaran sampurna dina agama, subur makmur).

1)     Carita Parahyangan teh sami sareng Pararaton di Jawa Tengah, buku anu nyaiio*-keun runtuyan par* Hyang atanapi para ratu anu agageugeuh karajaan Giluh, disc rat ku sepuh baheula, duka saha sareng iiahana mah heunteu aya katerangan anu paiti, kinten-kinten sab&da buiakna Pajajaran, Basa anu diangge nya eta baia Sunda kuno. Eusina seueur anu cocog sareng bukti sajarah sanes.
"Sakitu sugan aya nu dek nurutan inya twu(h) nu surup ka Nusalarang.    Daek eleh ku satmaka, eleh ku nu ngasuh. Nya mana e(na)k mangan, sang resi enak ngaresianana, ngawakan   nu   purbatisti,  purbajati.     Sang dis(r)i enak masini, ngadunan alas pari alas.
Ku beet hamo diukih, ku gede hamo diukih........................... "

{Sakitu, sugan aya anu rek nurutan anjeunnatuh nu pupus di Nusalarang. Daek eleh ku satmaka. Lantaranana subur makmur, eleh ku nu ngasuh. Ku sabab kitu ngeunah dahar, sang resi ngeunah ngaresianana,  ngamalkeun  nu   purbatisti,     purbajati. Sang dukun ngeunah masini ngamalkeunkamanusaanana/igabagi leuweung.    Ku nu leutik moal digambreng, ku nu gede moal digambreng).

Prabu Wangi alias Niskala Wastu Kancana digentos atanapi disilih ku putrananu jenengan Prabu Dewa      Niskala (1461 — 1468). Ku margi ieu Prabu Dewa Niskala teh ngagentos rama anu jeneng­an Wangi,          janten tiasa oge disebat panyilih atanapi hiji silih Wangi. Upami kitu Prabu Dewa Niskala teh tiasa disebat      panyilih Prabu Wangi atanapi Prabu Silih Wangi anu kahiji. Salajengna  Prabu   Dewa  Niskala alias              Prabu  Silih Wangi  I digentos ku putrana, jenenganana   Prabu   Jayadewata   ('1468 - 1507 ).

2)    Prabu Jayadewata oge hiji Prabu Silih Wangi, nya eta ami kadua.
Numutkeun Sajarah Cirebon kenging nimba tina kitab Purwaka Caruban Nagari •*) t waktos Prabu Jayadewata masih kench janten raja di karajaan alit, Sindang kasih (ayeuna : Majalengka), ari anu janten ratu di Galuh nya eta jeng Aki jenengan Prabu Niskala Wastu Kancana, Prabu Jayadewata teh kantos "ngaron-da" ka Karawang marios pasantren IsJam di dinya. Di pasan-tren aya santri istri teu kinten geulisna. Prabu Jayadewata kapin-cut, enggalna carios teras nikah ka eta santri istri anu jeneng-anana Subanglarang, putrana Mangkubumi ti karajaan alit Singa-pura (ayeuna : Mertasinga). Subanglarang janten *-vameswari. Ti ieu prameswari, Prabu Jayadewata kagungan putra tilu, nya eta :
1.                           Pangeran Walangsungsang ;
2.             Ratu Rara Santang ;
3.             Raja Sagara (Kian Santang)
Ku jeng ibu para putra teh dididik kana agama Islam. Subanglarang wafat dina tahun 1441 di Pakuan. Para putra ngadeuheus ka ramana neda widi supados lebet agama Islam, nanging jeng rama ngawagel.        Kumargi        kitu        Welangsungsang     rerencepan ngantunkeun karaton teras angkat henteu puguh anu dijugjug, nya sumping ka daerah Priangan kiwari wewengkon Gunung Mara (ayeuna :          di Ciamis), patepang sareng wiku Budajenengan
Danuwarsih, anu kaleresan kagungan putra istri. Pangeran Wa­langsungsang nikah ka putra wiku. Walangsungsang neraskeun lalampahan tumut kana piwejang mertua. Teu lami rain a, Ratu Rara Santang, nyusul ti Pakuan, teras anjeunna tiluan angkat ka palih kaler dugj ka hiji kampung, nu namina Jati "(ayeuna : Gunung Jati). Di dieu Walangsungsang, istrina sareng Rara San­tang dialajar agama Islam ka utama ageung jenengan Seh Nur Jati.   Walangsungsang calikna di palih kiduj nyiruruk di Kuwu Ki
3)  Sulendraningrat, P.S. Sejaiah Cirebon, Lembaga K&budayaan Wilayah III Cirebon,
Gedeng Alung-alang.     Sabadu ieu kuwu wafat. Walangsungsang janten Kuwu. rtganggo jenengan Cakrabuanu sareng Sri Mangana. Teu  lami, Walangsungsaftg dtwejang ku  Sen   Nur Jati supados angkat ka    Mekah    Walangsungsang, istrina sareng Kara Santang lajeng arangkat ka Mekah      Kacarioskeun waktos di tanah suci pependak sareng Patih  Karajaan Mesir anu  ngemban tugas  mi-lari  pigarwaeun Sultan Mesir.    Kara jntang kaleresan sami pa-meunteuna sareng prameswari Sultan Mesir almarhumah.    Eng-galna carios Rara Santang nikah lajeng janten padmi Sultan Me­sir, jenengan Syarif Abdullah.   Sultan ti Rara Santang kagungan putra dua :   1.   Syarif Hidayatullah ; t     ? 2.   Syarif Nurullah.       J      ••
Waktos Sultan pupus para putra masih aralit keneh. Dina yuswa 20 taun Syarif Hidayat angkat ka Mekah sakalian ngulik agama ka Syeh Attaulahi Sajali. Ti dinya teras ka Bagdad kanggo nguhk-tassauf Ari mulih ka Mesir dipasrahan karajaan, Mesir kanggo ngagentos ramana, nanging Syarif Hidayatullah henteu Versaeun margi langkung katarik ku nyebarkeun agama Islam. Anu janten Sultan man raina, Syarif Nurullah.
Syarif Hidayatullah lajeng angkat ka Jawa, nyimpang di Gujarat, ti dieu nembe teras ka Pasei (Aceh) sakalian ngulik deui agama kenging 2 taun. Ti Pasei, Syarif Hidayatullah teras ang­kat ka Banten. Di Banten, sareng tempat sanesna di basisir Ka-ler Pula Jawa teh parantos mekar agama Islam upadi iii Cirebon mah. Ti Banten Syarif Hidayatullah teras ka Cirebon. Ku Seh Nur Jati anjeunna dipangdamelkeun bumi di Sembung (Jati), nya disebat Maulana Jati. Syarif Hidayatullah henteu liren-hren nyebarkeun agama Islam sanes bae di tatar Sunda (Banten sareng sajabina) nanging oge ka luar nagara, nya eta ka nagara Cina, Ka daerah Syanghai Islam lebet taun ± 700
Ti Nyai Ratu Kawunganten, Syarif Hidayatullah kagungan
putra dua   :     1. RatuWanon;
2. Pangeran Sabakingkin  alias   Hasanudm   lanu engkena dijantenkeun Sultan Banten kahiji).

Ti Nyai Tepasan, Syarif Hidayatullah kagungan putra dua :
1.                           Rata Ayu (kapayunna janten istri Falatehan);
2.             Pangeran Pasarean (engkena ngalajengkeun ra-ma di Cirebon).
Ti  Nyai Lara Bagdad, Syarif Hidayatullah kagungan putra
dua
:               1.   Pangeran Jaya Kelana ;
2.   Pangeran Brata Kelana (Gung Anom).

Ti garwa anu sanesna, Nyai Babadan, Putri Ong Tien, sareng Ratu   Mas   Pakungwati   (padmi)   mah   henteu   kagungan   putra. Nyebama agama Islam pingpinan Syarif Hidayatullah beuki lami teh beuki majeng bae.   Malih kabehdieunakeun sipatna cara teh kanagaraan.     Cirebon dileupaskeun  tina kakawasan Galur janten nagara anu mandiri.   Syarif Hidayatullah janten raja pan-dita di Cirebon.   Nyebama agama Islam ka Galuh beuki nyedek bae.   Anu jeneng ratu di Galuh nya eta Prabu Jayadewata alias Prabu  Silih Wangi II.   Sakumaha parantos diterangkeun, Prabu Jayadewata tehEyangtegesna Syarif Hidayatullah ti pihak ibu. Ibuna Syarif Hidayatullah jenengan Rara Santang, putra Prabu Jayadewata nikah ka Sultan Mesir Syarif Abdullah-Janten Eyang sareng putu ben ten agama, putu agama Islam an Eyang agama Hindu.   Duanana pada keukeuh sareng tukuh nyepeng agamana. Sajeroning  eta  Cirebon janten  nagara anu mandiri leupas ti nagara Galuh.   Nanging sumebarna    agama Islam henteu liren malih langkung, nyebar nuju ka Galuh.
Lami-lami raja Galuh, Prabu Jayadewata, ngaraos rempan ka-peped. Dina taun 1533 anjeunna ngalih ka beh kulon, ka we-wengkon Bogor kiwari, teras bae ngadegkeun nagara anu disebat nagara Pajajaran. Di Galuh anjeunna digentos ku Prabu Sura-wisesa(1507-1521). 
Pajajaran enggal pisan ageung sareng majengna,
Hindu   pangageungna   di   Tatar Sunda, ngnwengku
sakuhah Parahiangan iwal  ti anu lebet ka Galuh Palabuanan di basisir kaler Uut-Jawa di antawisna Pontang (Banten) Sunda Kalapa, Cikande, Tangerang. Sadayana sering kadong kapan kapal-kapal asing di antawisna Portugis. Portugis wak-tos harita kawasa di Malaka. Kanggo Pajajaran anu nuju kasedek-keun ku nyebania agama Islam dongkapna Portugis tehdimang pa'atkeun , kanggo milari balad mayunan Cirebon. Lajeng Pajajaran nyaketan urang Portugis anu aya di Malaka. Dina buku Hageman, J.Cz.J., fc^ Geschiedenis der Soenda-Lan-den 4) dicarioskeun kieu :
In het jaar 1512, kwam er een heidense koning van Zunda, genaamd Samiam, zijne hulde bij Alfonso d'Al­buquerque aanbieden. Deze koning Samiam kwam an-dermaal te Malaka in 1521, toen Jorge d'Albuquerque aldaar gezaghebber was.
Uh de opgaven deze "Rej de Zunda" vernam Dom Jorge veel van de handel van Zunda en Wilde daarom een proef nemen en zond in 1522 zijn swager, Henriques de Leme met een setup van Malaka naar Zunda, met geschenken voor de koning Samiam die daar heer van het land was ", (Dina taun a512 sumping raja Sunda jenenganana Sang hyang anu nyembah area masihan kahormatan ka Alfonso d'Albruquerque. leu raja Sanghyang teh sumping deui dina taun 1521 waktos Jorge d'Albuquerque janten panguasa di ditu.
Numutkeun catetan ieu "raja Sunda " Donn Jorge jadi seueur katerangan tina hal perdagangan Sunda, ku margi kitu hoyong ngayakeun panalingtikan lajeng ngintun dahuanana, Henreques de Leme, dina taun 1522 balayar kapal ti Malaka ka Sunda, ngabantun hadiah kanggo raja Sanghyang anu janten raja di dinya).
Anu dimaksad Sunda teh nya eta Pajajaran Puncakna ieu hubungan mangrupi hiji "padrao" (tugu tina hatu) dina taun 1523. Numutkeun carios, pihak Pajajaran diwakilan Ku Prabu Seda, putra Prabu Jayadewata.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Followers

Follow The Author